13 Oktober 2012

Sampurasun

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatu....

Puji syukur ka nu Maha Agung Allah S.W.T sareng jungjungan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad S.A.W


Wilujeng wayah kieu baraya....
Sampurasun ka sadayana,simkuring ngiring ngajomantara di alam samar sok sanaos rada ngaco oge sawios weh da bade maksakeun. 
Mugia dina ayana Blog ieu urang sadaya tiasa silih asah silih asih silih asuh jeung silih asaan... (Aehh...)
Maksadna tiasa saling ngabantos sagala karerepet anu aya dina emutan. Eta oge pami tiasa.
Hapunten ka sadayana bilih Blog ieu seueur ka kirangana,margi ku kituna simkuring nyuhunkeun kritik sareng saran ti dulur baraya sadaya kanggo ka majengan urang sarerea.
Bilih aya basa nu teu merenah kana manah, simkuring neda di hapunten da kuring mah teu ngaemam bangku sakola (margi bangku sakola mah tina kai,sanes tina dodongkal).
Tah sakantenan pami peryogi dodongkal mah dongkapan wae ka warung saha weh anu dagang dodongkal. (Duh...Gusti...!! Naha jadi mawa dodongkal kieu....)
Tos ah.... Bilih nambih ngaco kamana wae. Dicekapkeun dugi ka dieu wae.
Mung sakitu nu ka pihatur....

Wassalam....


Trio Maung

(AteGreyIpoy)





Tidak ada komentar:

Posting Komentar