25 Oktober 2012

Judul-judul Film Hollywood Versi Bahasa Sunda

Sampurasun...
Dina danget ieu aya waktos luang,nya maksakeun kangge mosting nu sa aya-aya.
Tapi da ieu mah ngan saukur banyolan atanapi iseng weh...
Namina oge iseng ah...
Kumaha lamun Judul-judul Film Hollywood dirobah ka versi bahasa Sunda?
Mangga urang cobian terjemaahkeun. Tah sapertos kieu:

1. Saving Private Ryan - Nulungan Si Rian

2. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog DiPager

3. Die Hard - Teu Paeh-paeh

4. Die Hard II - Can Paeh Keneh

5. Die Hard III With A Vegeance - Nyaan Euy Heses PIsan Paehna

6. Bad Boys - Budak Bedegong

7. Rocky - Osok Neunggeulan Batur

8. Rain Man - Lalaki Resep Huhujanan

9. Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?

10. Mission Imposible - Asa Teu Mungkin

11. Titanic - TiLelep

12. Paychek - Nganjuk Heula

13. Reign Of Fire - Beubeuleuman

14. Original Sin - Tara Ka Masjid

15. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul

16. Silence Of The Lambs - Embe Pundung

17. Ghost - Jurig Kasep

18. Bad Boys - Budak Baong

19. Are WE There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy

20. Home Alone - Tingaleun

21. Cassablanca - Mengkol Ti Sudirman

22. Gone In Sixty Second - Indit Siah Ka Ditu

23. The Awakening - Hudang Sare

24. After The Sunset - Tereh Magrib

25. Eat Pray Love - Nimbel Ngadoa Bobogohan

26. Fantastic 4 - Wanina Lobaan

27. Paranormal Activity - Tukang Teluh

28. Cabin In The Woods - Imah Panggung

29. Alvin And The Chipmunks - Bajing Gaul

30. Men In Black - Jelema Mehong

31. Toy Story - Dongeng Cocooan

32. Karate Kid - Budak Sok Tujang-tajong

33. Don't Be Afraid Of The Dark - Pareum Lampu

34. Blind Dating - Tukang Urut Bobogohan

35. Mega Mind - Gede Hulu

Tah mung sakitu heula nu disanggakeun. Manawi aya nu bade nambihkeun mangga wae...
Pami rada garing, mangga kantun disiram weh...!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar